Minggu, 09 Januari 2011

Pinuh ku Jujuluk


Nyaritakeun Karajaan Pakuan Pajajaran anu kungsi dicangking ku Sri Baduga Maharaja Ratu (H)Aji Pakuan Pajajaran atawa ku masarakat Tatar Pasundan mah leuwih dipikawanoh ku Prabu Siliwangi tèa, karasana teu bosen-bosen. Sigana tèh aya “sima” atawa daya tarik anu teu pegat-pegat, aya kapanasaran anu teu pernah kacumponan, jiga anu keur hanaang dibèrè ès dawegan kalapa ngora, batan leungit kalahka nambahan. Kitu saur Kang Dadan, anu ayeuna nyangking kalungguhan di salah sahiji pausahaan BUMN anu kantorna di wewengkon Parung.
Sugan pangna kitu tèh aya kènèh “tali paranti” anu nganteng di jaman baheula tug nepi ka ayeuna, atawa mèmang aya kasono anu nyoso, kana kapamingpinan samodèl anu dijalankeun ku Prabu Siliwangi anu cenah wijaksana, nyaah ka nu susah, asih ka nu laleutik, teu cueut ka nu beureum pontèng ka nu konèng. Salah sahijina dina widang hukum, paripolah anu ditumibakeun ka sakitan dina urusan vonis, atawa samangsa maranèhanana ngajalankeun hukuman di jero bui. Katohyaanana Artalita, ku Satgas Mafia Hukum, anu nyulap rohanganana, nepi ka loba pakakas hiburan, tur bisa kaluarna, Gayus jalan-jalan ka Bali, jeung sakitan sèjènna anu dianggap boga duit, kacida nyolok mata buncelikna pikeun narapidana sèjèn, anu ngan ngandelkeun awakna wungkul salila di jero bui. Malah, anu matak “muringkak bulu punduk” tèh, ayana sababaraha oknum panegak hukum anu ngamaènkeun hukum pikeun kapentingan anu ngarumpakna . Padahal pan ayeuna mah sagalana tèh mani caang narawangan, jiga lauk disimpen dina akuarium. Telepisi, Koran jeung media massa sèjènna, bisa nyiarkeun kalayan langsung lumangsungna nyidang sarta disaksian ku jutaan panongton. Geus kitu aya kawijakan katerbukaan publik deuih.
Kayaan jero panjara, ceuk sabagèan sakitan, utamana mah ti golongan anu sapopoèna gulang-guling jeung kamèwahan dianggap kurang(henteu) manusiawi dijadikeun alesan ku maranèhanana, pikeun nyulap jero panjara sangkan pikabetaheun. Padahal lamun dipikiran gunana pangbèrokan tèh, sangkan maranèhanana kapok tur teu migawè atawa ngalakonan anu garorèng deui. Tapi kanyataanana, sakapeung mah sabalikna, rèa diantarana anu kaluar ti pangbuian tèh jadi leuwih pinter, sabab maranèhana loba diajar ngeunaan kajahatan ti para”seniorna” tèa. Tapi sanajan geus narawangan, angger wè pajuriwet, lir benang kusut.
Tah ngeunaan Prabu Siliwangi tèa, numutkeun salah saurang “budayawan” Bogor sakumaha anu kungsi dipedarkeun dina majalah wedalan Bogor, mibanda ratusan jujuluk ti rahayatna anu saluyu jeung paripolahna, diantarana Prabu Guru Dèwata Prana, Prabu Haris Maung, Prabu Tanduran Gagang, Prabu Kuncung Putih, jrrd.
Prabu Dèwata Prana tèh nyaèta ngaguruan lain ku carita tapi ku paripolah, lain ngan saukur ku kaèlmuan tapi ku rèngkak, lain ku carèk tapi ku talajak anu nyaah, ngusapan ku kawelas. Prana tèh hartina makna, energi atawa kakuatan deudeuh nu weuteuh nyambungkeun rasa ka Puseur Maha Cinta. Ayana upacara Guru Bumi, dimaksudkeun pikeun nyaimbangkeun jalma reujeung alam, dumeuheus ka Hyang Murbawisèsa nyuhunkeun sangkan jalma salaras tur sapihanèan jeung alam. Lian ti èta acara ieu ngajak rahayat sangkan “nganuhunkeun” ka bumi, anu geus masihan mangpaat ka umat manusa. Salian ti èta para rahayat ogè diajarkeun mkanyaah pepelakan ku jalan mager leuweung larangan. Konsèp Leuweung larangan satemenna mangrupa hiji cara pikeun, ngaraksa alam. Prabu Siliwangi nerapkeun hukuman beurat kacida pikeun saha-saha anu ngarumpak aturan ieu, ku hukuman tunggel jangga, nyaèta diteukteuk beuheungna. Hukuman ieu dilarapkeun kalayan adil, heunteu pilih kasih, lamun ceuk basa kiwari mah anu disebut tebang pilih tèa. sigana mah. Sedeng jujuluk Prabu Haris Maung ngagambarkeun sifat anu pikasieuneun, ngarajaan leuweung tapi nyaah ka anak. Paribasana mah sagalak-galakna maung moal ngahakan anakna, Kitu ogè maung boga sifat satia jeung bèlapati ka sasama jinisna. Sumanget jeung simana, dijadikeun filsafat hirup anu gagah rongkah dipikasieun, dipikaèra ogè dipikanyaah ku sasamana. Haris sorangan hartina katenangan atawa sabar darana. Sabab kawibawaan jeung kawani tèh kudu diwengku ku katenangan, lungguh, rengkuh, ngahormat ka nu langkung sepuh, ngahargaan sagala anu bèda jeung kayakinan sorangan.
“Sikep kieu moal ngajirim lamun teu diamparan ku samak pasrah jeung sabar,” saurna.
(Tina jurnal Bogor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar