Kamis, 26 Maret 2015

Workshop Disbudparekraf Kota Bogor Sangkan Sunda Tetep Nanjeur



Sakurangna 50  urang murid SMP, SMA jeung SMK Kota Bogor, miluan Workshop  ngeunaan kasurtian satempat anu dilaksanakeun ku Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudaparekraf) Kota Bogor anu lumangsung salila dua poè di Warung Kondang, Jalan Dr. Sumeru Kota Bogor. Hal ieu dijentrèkeun ku Kadisbudparekraf, H. Shahlan Rasyidi mangsa rèngsè mere biantara dina kagiatan èta, Kemis ( 26/3). Numutkeun Shahlan kagiatan èta  unggal taun dilaksanakeun ku dines anu dipingpinna.
“Samèmèhna ngeunaan basa jeung ka aksara  Sunda  pikeun para guru, jeung organisasi kasundaan. Tapi taun ayeuna mah ngahaja ka barudak sakola langsung, sabab nu bakal neruskeun miara, ngarumat jeung mekarkeun budaya Sunda tèh pastina maranèhna,”sanggem Shahlan. Pikeun panyaturna, aya tilu urang, nyaèta Dr. Alif Zaini anu bakal medarkeun ngeunaan kaulinan urang lembur, basa  jeung unak-anikna  ku Dr. Hawe Setuawan, duanana ti  Bandung, sedengkeun ngeunaan adab-adaban urang Sunda bakal dijelaskeun ku Drs. Ujang Suherman, budayawan ti Bogor.  Salah sahiji alesan ayana kagiatan ieu, numutekun Shahlan narèkahan sangkan barudak Sunda wanoheun kana budayana. Sabab ku lobana bèja ti luar anu asup kacida deresna ngaliwatan sababaaha panto informasi, nyababkeun budaya sorangan kacida kadèsèhna ku budaya deungeun.
“Salah sahiji contona basa Sunda geus arang digunakeun ku barudak sakola atawa rumaja, kitu ogè kaulian barudak lembur anu tètèla kacida loba mangfaatna pikeun kamekaran jiwa barudak geus mimiti kagantian ku kaulinan modern jaman ayeuna,”tegesna.  Sawatara ngeunaan adab-adaban sunda, sanggemna, kacida diperlukeun ku barudak ayeuna, enggoning  ngambah kahirupan sapopoè sarta kahareupna. Sabab anu diajarkeun ku karuhun urang Sunda, saèstuna  salaras pisan jeung ajaran Islam. (Dadang HP)