Jumat, 14 Januari 2011

Nginget-nginget Dosa ka Sasama


Di tepas hareup, Kang Tarmin keur ngabaheuhay dina korsi males, bangun nu lungsè pisan, padahal ti isuk teu kamamana ieuh, ku sabab perè, jam sapuluh kakara hudang. Bèrès lalajo anu upacara mièling poè kamerdèkaan dina telepisi tèh teu buru-buru ka cai ieuh sanajan jarum jam anu ngagaplok dina tèmbok geus pas kana angka dua welas, boh nu pondok atawa nu panjangna, manèhna kalah peureum hayam.
Geuning kitu hawa puasa mah, lamun dibawa kana pamalesan, kayaning gular-golèr, sarè (sanajan sarèna anu puasa tèh kaasup ibadah), awak karasa leuleus. Geus kitu anu kaimplengna tèh kana dahareun wungkul, ti mimiti mie golosor (sorodot) anu lamokot ku sambel kacang bari di luhurna dipapaès ku kurupuk asoy atawa kurupuk mie anu konèng badag, nepi kolek cau oli ditambahan caruluk nepi ka ès buah seger. Bari jeung “ngajèngjèhè” tèh katempo tikorona naèk turun bari jeung remen neureuy ciduh.
“Bener euy, puasa mah mending gawè, cicing di imah waè mah kaluman, malah karasana tèh beuki lapar tibiasana,” ceuk gerentes hatèna.
Sabot keur ngimplengan kadaharan anu bakal dihanca mangsa keur buka, jol Agus Uli batur ulinna, mangsa keur cicing dikampung Sindangbarang kènèh. Duanana tuluy uplek ngobrolkeun kalakuanana keur ngora.
“Enya nya, lamun inget kana kalakuan urang keur ngora jadi èra parade. Komo mangsa keur usum tarawèhan mah, dosa tèh mani asa gedè kacida. Malah mun aya umur mah èngkè dina lebaran rèk dipapay, rèk mènta dihampura euy,” ceuk Agus Uli. Ngaran sabenerna mah Agus Suhèrman, ngan kulantaran resep pisan dahar uli jeung peuyeum ketan hideung, jadi nelah Agus Uli.
“Ari kitu kumaha?” ceuk Kang Tarmin, bari tuluy cengkat. Barabat wè manèhna nyaritakeun kalakuanana mangsa keur ngora. Tilupuluh taun katukang, mangsa umurna rumaja kènèh, keur cicing kènèh di Sindangbarang. Harita mah, kayaan kampung tèh teu kawas ayeuna, loba kènèh tatangkalan jeung can pati loba imah. Malah lamun mandi masih kènèh di pancuran cai kulon, anu teu pernah saat sanajan halodo entrag-entragan ogè. Lantaran musholla paragi shalat tèh can dua tingkat kawas ayeuna, lamun keur tarawèh tèh antara jamaah awèwè jeung lalaki tèh cukup diwatesan ku lawon bodas anu dipipindingkeun.
Diantara jamaah bapa-bapa, sakurangna aya tilu urang anu sok “bubuka” heula samèmèh shalat nyaèta Mang Udin, Mang Oman jeung Mang Kardi. Disebut bubuka tèh samèmèh sholat sok bubulucun. Maksudna mah meureun ngajaga bisi kolorna kakècrètan cikiih mangsa keur kahampangan, tarapti ti dituna mah, bisi shalatna “mamawa” najis. Ngan èta palebah nyangsangkeunana mani sambarangan pisan, cukup dikaitkeun kanu paku anu aya dina jandèla.
“Tah keur tarawèh tèh kolor anu tiluan tèh ku kuring dialungkeun ka jamaah ibu-ibu, atuh mani tinggaroak meureun kagèt, keur husu shalat aya kolor nyangsang kana beungeutna,” ceuk Agus.
“Terus kumaha tah?”
“Nya jadi ramè, tinggerendeng, sakali mah èta kolor tèh ukur dialungkeun ka handapeun layar. Ngan geus katilu kali dikitukeun jigana mah ibu-ibu tèh ambekeun, lung wè kolor tèh dialungkeun ka hareup satarikna. Untung henteu ninggang imam, ukur nepi ka jajaran panghareupna. Ngan orokaya nu bogana, ambek-ambekan. Hayang seuri ongkoh, èra ongkoh. Mangka kolorna tèh geus teu bodas deui, geus jiga pangupahan lalay,” pokna daria.
“Bener euy, lamun diinget-inget, dosa tèh manu geus salaput hulu, boa leuwih euy. Enya aya alusna lamun urang bisa ngariksa kawas kieu tèh nya. Sakurangna, urang bisa ngingetan kalakuan urang di jaman baheula,”ceuk Kang Tarmin.
“Salian ti èta pentingna jiarah kubur tèh kawas kitu, sakurangna urang diingetan yèn urang tèh bakal maot. Samèmèh maot tèh meureun urang bèbèrès heula, salah sahijina ngingetan dosa-dosa urang jeung sasama. Dosa ka Allah mah bisa ditobatan, dosa ka sasama mah pan leyurna tèh kudu mènta dihampura heula. Kadituna aya silih hampura”
“Aèh, enya-enya. Sapuk lamun kitumah.”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar