Senin, 20 Juni 2011

ngasruk



Wawar


Kabiasaan publikasi wawar ngagunakeun mobil, make pangeras sora kabehdieunakeun geus tara digunakeun, sabab geus dianggap katinggaleun jaman. Padahal teu kitu ieuh, ceuk pamikiran teu sakabeh masarakat maca koran atawa nongton telepisi, kitu deui acara anu sifatna lokal pisan mah tara ieuh asup kana tipi. Tah dina raraga ngabejaan ka balarea tea, PEPADI Kota Bogor, ngalumangasungkeun wawar ka sababaraha tempat dina raraga ngabejaan yen bakal aya pagelaran wayang golek. Pikeun narik anu narempo, ngahaja aya anu didangdanan jiga Ki Semar jeung Anoman. Nu jadi semarna, ki Jinun, pagawe RSPD Sipatahunan Kota Bogor, sedeng anu jadi Anoman, Irawansyah, urang Kebon Pedes Kota Bogor, anu asup jadi anggota Paguyuban Pecinta Radio Sipatahunan (P2RS). Lumayan karasa panasna, mangsa keur ngaliwat jalan-jalan anu taya tatangkalan, matak nyureng. Hatur nuhun ka Polmas Bogor Raya, anggota P2RS, anu parantos ngaping nepi ka sisi lembur. Mugia we sagala kasaean di bales manglipet-lipet ku Gusti Allah. Alhamdulillah, peutingna nu lalajo teh mani pinuh, boh anu di Kalurahan Balumbang Jaya, anu dalangna Ki Ceceng Arifin, boh anu di Kedung Jaya, dalang Anta Wijaya, atawa nu di pakaranagan Dines Pendidikan Kota Bogor, Ki Ujang Jaya Praja. Prung ah (dadang hp)
Tah geuning kabisaan baheula