Senin, 03 September 2012

Soto Kamerdekaan

Ki Hanapi, muka jandéla lalaunan, leungeunna bangun nu lilinieun, bray jandéla muka, di luar barudak keur anteng arulin. Maman, incuna anu keur maén kaléci ngalieuk, tuluy gegeroan. “Aki..aki”cenah bari lumpat nyampeurkeun tuluy nyium leungeun. Nu séjén mariluan, Ki Hanapi ngodok pésakna. “Aya sabaraha urang?”ceuk manéhna nanya ka Mardi budak nu panggédéna. Mardi hideng tuluy ngitung ku curukna. “Sapuluh ki..”tembal Mardi ngaakikeun sanajan lain incuna, pantes kitu téa mah. Da Mardi téh incuna Ki Marno, anak buahna, basa baheula babarengan berjuang pikeun ngamerdékakeun lemah cai. Bulan kamari Marno geus miheulaan mulih ka jati mulang ka asal. “Tah bagikeun ku Mardi saurang sapuluh rébu,”pokna ngasongkeun lambaran lima rébuan 20 lambar. Jigana barudak téh geus surti lamun dina poéan éta sok tara jauh ti imah Ki Hanapi da unggal taun ogé geus pasti kitu, ngabagikeun duit. Malah taun kamari mah sapuluh rébu séwang. Barudak di kampung éta can arindit lamun Ki Hanapi can muka jandéla jeung can ngabagikeun duit. “Nuhun, Aki Jendral, ”ceuk barudak méh bareng, kaasup incuna, tuluy tingalabring, ka warung Umi Hegar jigana mah rék ngadon jarajan. Ki Hanapi nyerangkeun ku juru panonna. Haténa ngarasa bungah nempo barudak salusurakan. “Hidup Aki Hanapi, hidup Aki Hanapi..”hawar-hawar. Ki Hanapi kapiasem, tuluy ka jero deui. Haténa ngarasa bungah nempo barudak galumbira téh. Teu lila telepon disada. “Kumaha Aki parantos siap?”ceuk sora tina telepon, tétéla Dadan incu ti anak anu pangcikalna. “Siap atuh Dan..Malah ti tatadi Aki mah geus saged,”tembalna. “Hapunten Ki, nembé téh jajap Ibu balanja heula ka pasar, saurna hoyong masak kasedep Aki upami mulih ti kacamatan,”ceuk Dadan “Enya buru-buru atuh,” témbal Ki Hanapi dumareuda, sorana méh teu kadengé. Aya rasa nyelek di sajeroeun dadana. Panonna rambisak. Tétéla Titin anak nu pangcikalna, teu pernah pohoeun mangmasakeun kadaharan karesepna unggal poéan kamerdékaan, Soto Bogor anu pinuh ku cisanten. Soto anu ogé dipikaresep ku manéhna jeung babaturan saperjuanganana. “Wios atuh pa, sataun sakali mah urang balakécrakan, étang-étang ngahormat ka para pajuang anu parantos nandonkeun jiwa raga kanggo ngabélaan lémah cai,”pokna téh basa dihulag. Imah Titin teu jauh ti kacamatan, jadi lamun geus bérés upacara Hanapi jeung babaturanana sasama pajoang anu masih kénéh araya, sok ngadon dalahar di imah Titin, da masakna loba pisan. Pagawéan kitu râh geus rutin tiap tahun. Malah Komar salakina sok ngahajakeun tara asup gawé, mantuan masak. Teu lila dihareup kadéngé sora motor, tétéla Dadan. “Asalamualaikum……”Dadan uluk salam bari tuluy nyium leungeun akina. “Waalaikumsalam…”tembal Ki Hanapi. “Dan..ka Bi Nani heula nya béjakeun aki rék ka kacamatan,”ceuk Ki Hanapi bari tuluy maké baju upacara, seragam veteran lengkep jeung bintang jasana. “Waah aki gagah kénéh,”ceuk Dadan bari tuluy indit ka bibina anu imahna ngan ukur kahalangan dua suhunan. Teu lila Dadan geus datang deui ngiringan bibina. “Janten ngiring upacara téh pa sanes wengi apa téh kirang sehat,”ceuk Nani bari munjungan. “Rada lumayan Nan..piraku atuh kudu teu milu upacara sataun sakali. Barina ogé geus sono ka babaturan. Mun bapa teu datang meureun harariwangeun, ”ceuk Hanapi bari mikeun konci ka anakna. Hanapi téh hirup nyorangan ti mimiti taun kamari, pamajikanana ninggalkeun ka alam kalanggengan kulantaran kaserang panyakit muntaber. Anakna, ukur Titin jeung Nani. Duanan geus bumén-bumén. Mani ku kabeneran, imahna téh teu jararauh,. Nani anakna nu bungsu ngahaja meuli imah teu jauh ti imahna. “Upami tebih hawatos bilih apa aya naon-naon,”pokna téh. Padahal Nani geus bogaeun imah di Cianjur gedé jeung sigrong. Kusabab hayang deukeut jeung ngarawat bapana, imahna téh dijual basa indungna ninggalkeun. Agus salakina, dagangna ogé pindah ka Bogor lantaran nempo mitohana hirup sorangan. Mangkaning basa keur dagang di Cianjur keur meujeuhna nanjung. Ari Titin nu cikal sanajan teu kaasup sugih baktina ka nu jadi bapa kacida gedéna. Gawéna ogé ngahaja eureun da hayang ngawulaan nu jadi kolot. Sapoé dua kali sok ngirim dahareun dianteurkeun ku Dadan jeung Rina, sedeng ti Nani, Ki Hanapi téh boga Lusi jeung Ahmad. “Hayu atuh..Ki..kalah ngalamun.”ceuk Dadan bari seuri. “Astagfirullah..”Hanapi kaéraan, katohyan ngalamun, ku incuna. Teu lila Dadan geus ngadius nganteur akina anu rék upacara miéling kamérdekaan di kacamatan. Nyampak di lapangan geus ramé jeung rupa-rupa dangdanana nurutkeun saragamna séwang-séwangan. Hanapi jeung babaturanana di tempatkeun di beulah Kidul anu aya saungan. Ngahaja, sabab pan umumna kaum veteran mah geus karolot, lamun kapanasan sok sieun kumaonam. “Kang ulah hilap, bérés upacara urang tuang di rorompok pun anak.”ceuk Hanapi ka Barnas sanggeus patangkeup-tangkeup nyacapkeun kasono. “Beres lah. Puguh tadina mah moal milu upacara, rada kurang séhat. Ngan basa inget kana soto Nyi Titin jadi jagjag deui,”tembal Barnas bari seuri diaminan kunu séjénna. Barnas lengkepna Mayjen Purn Barnas Somaatmadja, urut komandanna, ari Hanapi wakilna. Di satukangeunana aya Mayor Tatang, Kaptén Adé, Serma Herri Sumarna jeung Serma Kéméd Mulyadi. Anu warugana kawilang lengkep atawa sampurna ukur Barnas, Hanapi jeung Kaptén Adé, nu liana mah nya kitu téa. Aya anu leungit leungeunna sabeulah atawa sukuna katémbak basa keur perang campuh. Jam sapuluh bérés upacara dua puluh urang veteran anu kungsi berjuang nandonkeun jiwa ragana ting alabring ka imah Titin. Sanajan dipiwarang tuang ku Pa Camat ogé sadayana teu maliré. Soto buatan Titin leuwih narik ati tibatan dahareun anu aya di tempat upacara. “Tin,kumaha geus siap?”ceuk Hanapi ngagentraan anakna. “Atos Pa mangga parantos disayagikeun,”ceuk Titin dibaturan ku salakina. Tuluy duanana marunjungan ka nu daratang. “Bapa mah asa lalieur rék istirahat heula di kamar nya,”ceuk Hanapi ka minantuna. “Mangga pa, di kamar payun wé da kosong,”ceuk salaki Titin rengkuh bari tuluy nganteur mitohana ka kamar hareup. Teu lila di ruang tengah geus ramé nu balakecrakan bangun suka bungah. Sakabéhna nu aya di dinya pada maruji soto beunang nyieun Titin, bari nyaritakeun pangalaman jaman baheula keur sagala susah. “Na ari Apa kamana nyi ?”ceuk Barnas nyampeurkeun Titin. “Manawi Pa tadi mah hoyong ébog heula di kamar, lendeng saurna téh,”témbal Titin. “Coba tempo heula atuh bisi kuamonam, mani lila-lila teuing.,”ceuk Barnas. Titin ngarénjag, asa diingetan. Ti saprak datang bapana can ngasaan soto beunangna. Titin tuluy ka kamar hareup. Kasampak, bapana keur tibra. Gancang disampeurkeun bari diguyah-guyah. “Pa…Pa geura tuang heula,”Hanapi teu nembalan, panonna peureum bangun nu keur saré tibra. “Pa…Pa…..geura tuang heula,”ceuk Titin, haténa asa teu pararuguh, awak bapana oyag kabéh. Panasaran ambungna dicabak. “Bapaaaaaaa………..”les manéhna kapiuhan. Ngadéngé aya nu ngajerit, nu keur araya di tepas imah lalumpatan muru ka kamar. Barnas pangheulana asup, tuluy nyabak leungeun jeung irung Hanapi. “Innalilahi wainna lilahi rojiun………,”ceuk Barnas bari ceurik ngagukguk nempo sobatna ngalelempréh, teu walakaya. Layon Hanapi Bangun nu pasrah pisan, rarayna cahayaan, teu aya gurat-gurat kanyeri sawaktu ngaleupaskeun nyawa. Sadrah sumerah nemonan Nu Maha Agung mendakan Nu Maha Ngahirupkeun jeung Nu Ngamaotkeun. Di imah Titin anu tadina ramé kunu keur balakecrakan ngadadak jadi hujan cipanon. Nu teu kuat milu ceurik bari sasambat. Nu teger mah ukur ngeclakeun cipanon bari ingsreuk-ingsreukan. Dadan gagauran, ampir kapiuhan. Sanggeus rada leler tuluy nelepon adi jeung bibina. Jigana Rina mah tuluy kapiuhan, da basa ditelepon kana HPna ukur aya sora ngajerit, Aki…Aki… cenah. Pantes kitu téa mah sabab diantara incuna nu pangdiogo jeung paogona téh Rina. Malah lamun parengan keur ulangan sok ngahaja ngendong, hayang dibaturan ngapalkeun cenah. Saking nyaaheun ka incuna, mun Rina ngendong ngahaja sagala dibeuli. Malah Akina téh sok milu ngabungbang bari macaan buku harian beunang nulis salila berjuang. Poé éta, langit ngadadak angkeub jiga nu milu sedih kaleungitan putra bangsa. Poé eta dunya ceurik, sabab Brigjén Hanapi tos dipundut ku nu kagungan. Jéndral anu kungsi mingpin perang dimana-mana, Jéndral anu hirupna basajan pisan, anu teu pernah ménta nanaon ka nagara, komo ménta fasilitas kawas nu séjén mah. Malah satengah tina duit pangsiunna ngahaja dipotong pikeun yayasan yatim piatu anu teu jauh ti imahna. Jéndral Hanapi , ahirna ngantunkeun nu pikanyaah jeung mikanyaahna, dibarung ku hujan cimata jeung rébuan biwir anu tinggerencem ngadu’akeun. Titin, Nani jeung anak-anakna ceurik bangun nu kanyenyerian, sedih tanpa wates wangenna. Teu nyangka lamun poé éta poé panungtungan pikeun bapana milu upacara miéling tujuh bélasan. Malah soto hancengan bapana, weuteuh kénéh dina méja can diasaan saeutik-eutik acan. Soto anu ngahaja dihancengkeun keur ngahormat para pajuang dina unggal tanggal 17 Agustus. Anu unggal taun jumlahna beuki ngurangan, dipundut ku Nu Kagungan. (Keur pala putra wangsa anu ihlas ngabélaan l

Tidak ada komentar:

Posting Komentar