Senin, 03 September 2012

Foto dina Albeum

Nita nangkeup bukuna pageuh pisan basa meuntas jalanleungeunna teu daék cicing ménta sangkan mobil méréan jalan. Untungna manéhna geus hanjat kana wawates tengah jalan basa motor anu ditumpakan nyiap angkot mani tarik pisan. Manéhna ngalikeuk ka nu tumpak motor, nu diboncéngna kalah nonggéngan“Dasar pikasebeleun,” haténa gugurutu. Sanggeus aya di hareupeunTosérba Matahari kakara ngarasa aman. Lalaunan panonna neuteup langit mimiti mendung, jigana mah hujan téh rék sabregeun pisan. “Aduh kumaha nya, mangka kudu meuli buku heula,” ceuk gerentes haténa. Nita tuluy asup ka jero, karalang-kuriling néangan buku, wéléh teu manggihda di tempat éta mah mémang teu nyadiakeun buku palajaran. Lantaran sieun kahujanan clak manéhna naék angkot deui, jrut turun palebah Jambatan Mérah, gancang meuntas ka Jalan Mérdéka, hujan geus mimiti pras-pris, gagancangan manéhna mapay trotoar. Lantaran leumpangna rurusuhan jeung baru tungkul manéhna teu apaleun di hareupeun aya nu leumpang bangun nu gura-giru. Duanana tubrukan, buku anu ditangkeup ku Nita, leupas tina tangkeupanana. “Aduh punten, sanés dihaja,” ceuk lalaki nu nubruk Nita, “Sami, abdi ogé teu patos ningalikeun jalan,” témbal Nita haténa ngadadak ratug tutunggulan. Manéhna samar polah basa paadu teuteup jeung lalaki anu nubrukna. Aya geter anu teu kaharti dina jero dadana. Teuteup seukeut jajaka hareupeunana sanajan ngan ukur sakolépat geus ngeundeurkeun jantungna. “Hatur nuhun,” ceuk Nina tuluy indit ninggakeunjajaka sanggeus bukuna rapih. Nita gagancangan muru toko buku, hujan mimiti ngagedéan. Sanajan hujan maseuhan Kota Bogor jeung poé jadi ngadaak tiris, haté Nita mah teu kitu, aya nu nyaliksik dina haténu pangjerona, geter anu matak ngaramékeun haté nu simpé.Sanajan ngan ukur sakolépat, teuteup jajaka téh kabawa ka imahna malah nepi kabawa ngimpi sagala. Sanajan manéhna nyieun tarékah satengah polah pikeun ngaleungitkeun imut jeung teuteupna, kalangkang jajaka angger kalah beuki napel. Beuki dipohokeun kalah beuki ngagangggu pikiranana. Kitu deui Jaka, jajaka anu nubruk Nita tadi beurang tétéla hésé pisan dipopohokeunana. “Ieu kitu anu disebut bogoh dina teuteup munggaran,” ceuk gerentes haténa neuteup lalangit. Pikiranana anteng ngimpléng wanoja anu kapanggih tadi beurang. Sanajan dangdan ukur sahinasna, manéhna tetep nempo kageulisan anu taya bandingna. Komo basa paadu teuteup tuluy imut bangun nu sarwa salah mah. “Hanjakal, kunanon teu nanyakeun ngaran jeung alamatna,” ceuk Jaka nepakan sirahna, nyalahkeun dirina. Padahal manéhna téh dina urusan ngadeukeutan wanoja mah kaasup ahlina. Moal gé di kampusna meunang landian Si Play Boy, tapi sakabéh mojang anu aya di kampus ngan saukur dianggap babaturan. Najan enya ogé manéhna gampang wawuh jeung wanoja, Jaka nganggap sakabéhna biasa, taya saurang ogé mibanda harti anu husus. Pikeun Jaka, kadeukeutan jeung mojang-mojang kampus sawates babaturan kuliah. Jigana kulantaran loba anu ngarasa deukeut bari jeung aku-aku angga. Kabéhdieunakeun loba anu ngarasa nyeri haté ku sikep Jaka nu kawas kitu. Malah teu saeutik diantarana anu nyebutkeun yén manéhna tukang ngulinkeun awéwé. Sanajan meunang sebutan kitu, Jaka teu paduli. Sabab dirina teu ngarasa kitu. Manéhna can pernah sakali-kali acan datang ka imah Sari, Putri, atawa Marti anu cenah ngaku kabogohna. Kulantaran kitu teu saeutik babaturan kampusna boh awéwé atawa lalaki anu nganggap manéhna homo, atawa gay anu resep jeung sasamana. “Héi, kunaon euy kalahka ngalamun jiga sieun teu ngalaman waé,” Atang sobat dalitna ngagareuwahkeun. Jaka ngagebég, tuluy ngalieuk ka sobatna. “Ah, silaing mah ngan ngareureuwas wé,” témbal Jaka. “Anéh, euy nempo silaing kawas kitu téh, lain sih anu dipikiran.” “Ah, keur hayang ngalamun wé, hayang niiskeun pikir.” “Kawas pajabat baé atuh.” “Ah, saha ogé boga hak keur ngalamun mah, ngalamun hayang beunghar, ngalamun jadi wakil rahayat, ngalamun jadi pajabat nagara.” “Ah, paling bisa silaing mah. Mending urang ka kantin ah, lapar yeuh. Keun sayah nu nraktir énté. Tadi aya lanceuk sayah datang ka dieu ngiriman duit. Yu ah,” Tatang narik leungeun Tatang. Duanana tuluy ka kantin kampus. “Tang, sugan manéh nyaho ka hiji awéwé anu,…” Jaka teu kebat neruskeun. Sabab manéhna ogé bingungeun kumaha nerangkeunana, teu nyaho saha ngaranna jeung urang mana. “Nu mana, aya ogé nini uing,” témbal Tatang sakapanggihna. “Ah, silaing mah.” Barabat Jaka nyaritakeun lalakonna kapanggih jeung wanoja di Jambatan Mérah, talété taya nu kaliwat. “Jadi silaing teu nanyakeun ngaranna, dimana imahna, dimana gawéna,” Tatang bangun nu héran. “Puguh kitu, jigana téh kasima ku teuteupna. Ti saprak kajadian éta haté ngan seseblakan waé, mun inget kana teuteup jeung imutna, mataka tibelat euy.” “Tah, tandana énté keur ragrag bogoh, falling in love euy.” “Enya sugan.” “Pastina gé kitu. Pan diantara mahasiswi di kampus taya saurang ogé anu bisa ngageterkeun batin énté.” “He’eh sugan ngan kamana néanganana euy.” “Ulah hariwang lamun jodo mah, pastina papanggih, komo deui pan Bogor téh leutik.” Bogor téh leutik, ucapan Tatang teu wéléh ngagedéan haténa, sanajan geus tilu sabulan manéhna kukurilingan, mapay-mapay jalan, malah ka tempat mangsa tubrukan mah teuing geus sabaraha balikan. Wanoja anu ngeusian ngimpi éndahna unggal peuting lir ditelen bumi, teu panggih raratanana. “Kamana nya, maenya lain urang Bogor mah,” ceuk haté Jaka sabil. Harepan pikeun kapanggih deui jeung wanoja nu ngageterkeun haténa beuki ngipisan malah geus nepi ka putus pangharepan. Lamun jodo tangtu papanggih deui, kalimah Tatang mani asa dina puhu ceulina mangsa manéha keur naék motor sakolébat dina angkot aya wanoja anu diimpi-impikeunana. Lantaran maké helm, Nita anu harita naék angkot teu apaleun lamun Jaka nuturkwun tukangeunana. Basa Nita turun sarta asup ka hiji imah anu rada agréng, Jaka geus ngajega di hareupeun panto imah Nita. “Emut kénéh, abdi Jaka,” ceuk Jaka ngasongkeun leugeunna ngajak sasalaman. Nita unggeuk, tapi henteu imut, tuluy asup ka imahna. Jaka panasaran ngudag, Nita keukeuh teu méré budi. “Punten, di rorompok nuju teu aya sasaha,” ceuk Nita bari nutupkeun panto. Ngan hanjakal teu bisa ditutupkeun, da diganjel ku suku Jaka. “Kénging abdi kalebet sakedap wé, hoyong ngobrol,” ceuk Jaka satengah maksa. Nita neuteup seukeut, haténa sabil, sarérét ogé manéhna bisa maca tina panon jajaka ieu taya maksud jahat. Jaka ditinggalkeun sorangan di rohangan tamu, sabab Nita mah rék shalat Lohor heula. Sabot ngadagoan Nita kaluar ti kamarna manéhna ngarongkong albeum poto anu aya dihandapeun méja tuluy dibuka lalaunan. Jaka ngagebeg jiga nu manggih kareuwas anu kacida gedéna, jigana ngadéngé gelap dordar di tengah poé éréng-éréngan. Lalaunan album photo téh ditutupkeun, disimpen deui ka tempatna. Teu lila manéhna kaluar rurusuhan, biur ngalumpatkeun motor. Haténa mantagul, kaimpleng ku manéhna poto dina album. Poto bapana anu keur dirapalan jeung Nita, wanoja anu kungsi ngageterkeun haténa. Wanoja nu geus jadi inding téréna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar