Minggu, 06 Februari 2011

Nitip Asih ka Rumuhun


Hung Ahung…….
Peuting ieu kula seja murwa ku carita
mepeskeun hate ku ketak rancage
Neda ampun ka Nu Maha Agung
Nyimbeuh du’a ka Ratu Galuh Raja Sunda
Nyekar sukma rasa ka para Guriang
Nalikeun pikir ka para dangiang
Seja babakti ka rumuhun
Nepikeun rasa ka karuhun
Nu linggih di Pancaniti Buana Rasa
Nu Ngageugeuh di Buana Panca Tengah
Rumasa waruga lagedu nafsu
Raga jadi amparan amarah
lali tari paranti, tebih ka purwadaksi
Hirup nurugtug ngarurud tunggul
Lalana ngarumpak catang
apruk-aprukan hapa du’a
ngudag bagya neang cilaka
sulaya nu jadi marga

Hirup hurip gaduh Anjeun
bagya cilaka ngan ti Anjeun
lara pati, usik malik milik Anjeun
renghap nafas, rumasa teu miboga
teu wasa kami ucap,
neda widi, muga laksana
dina simpe nu minuhan dunya
seja mulangkeun patekadan
mulih walagri kana uga
nyangcang sukma ku hapa angkara
pasrah, namprak, sumamprak
mulih ka leuwi sajati
mulang ka muara kamulyaan
ngojay dina jatandra kaihlasan
rep sirep…….
sukma neang wiwitan
napak sancang ka alam asal
mulih ka jirim suci

Sieuhkeun karempan
jauhkeun kamelang
singlarkeun lara wirang
Ki Sunda rek makalangan
nyukcruk galur para karuhun
napak lacak para guriang
nyimpaykeun kaluhungan
ajen inajen Sunda wiwitan
nu ngancik di batin diri
ti bihari, kamari, jeung kiwari
bekel jaga nu bakal datang

Sunda nanjeur, maku bumi maneuh jagat
Sunda ngadeg, ajeg di buana panca handap
hurung mancur ka buana panca tengah
rep sirep……
bur mancur……
Sunda, jeung Ki Sunda
kacapangan sagala wangsa…
nyaangan saeusi dunya
jaya di buana
pageuh di tali paranti…
di payungan linduhna para rumuhun
reketek nali pageuh…
disimbeuhan kageugeut para dangiang..
Diguyuran asih Siliwangi….
anceg na tapak karuhun

Di amparan Rido Nu Maha Agung
Lumampah na pertentang….

Hampura…. bisi aya nu teu kasebut
bisi tuluy narustus
Hung…Ahung
Neda widi na Hyang Agung
Mugia kabadanan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar