Pikeun Nanjeurkeun Wayang Golek anu mangrupakeun salah sahiji kabeungharan Budaya Karuhun Sunda
Jumat, 31 Agustus 2012
Jerit asih nu teu nepi
Bagèa anaking…
Hampura bapa…
mangsa anjeun datang ukur diamparan kardus karton…
jeung tihang beton ….
nu ajeg nyangheuy jambatan panjang…
tempat kolot anjeun nyangsangkeun badan..
ti wanci ka wanci…
Bagèa anaking….
Tong diceungceurikan…..
mun harèwos tauhid nyampakkeun…
kasaweur ku ramèna sora mobil…
jeung sèahna Cihaliwung….
nu kiruh sanajan teu keur caah…
Hampura anaking…
Mun cisusu indung anjeun…
teu saamis indung nu sèjèn…
Sabab daharna ukur kakarèn…
sisiar tina palang-pulung..
kokorèh na wadah runtah…
beubeunangan sakapanggihna….
Anaking jimat awaking…
Kabagyaan bapa bakal jadi katunggaraan anjeun…
Sabab kocèak anjeun….
karasana tèh bet bangun nu ngajauhan…
Les leungit ilang karana..
Dunya asa beuki poèk jeung simpè…
Anaking puputon ati…
Tong ringrang jeung hariwang…
Geus Takdir ti Nu Maha Suci..
mun bapa teu bisa marengan anjeun ngambah kahirupan…
du’a bapa bakal ngaping ti kahyangan…
geto…mun anjeun geus dewasa…
longokan bapa nu nungguan handapeun tangkal samoja.
Sanajan kembangna geus muguran.
Rabu, 26 Oktober 2011
MPB
Museum Perjoangan Bogor
Museum Perjoangan Bogor (MPB) anu pernahna di Jalan Merdĕka Nomer 58 Kota Bogor, di wangun di luhureun taneuh anu legana kurang leuwih 650 metĕr ieu, mibanda sajarah anu kacida panjangna. Baheulana Jalan Mĕrdĕka tĕh ngaranna
Jalan Cikeumeuh nomer 28. Antara taun 1879 nepi ka taun 1967, sarta kabĕhdieunakeun robah jadi jalan Merdĕka. Tangtuna aya kasangtukangna pangna di ngaranan Museum Perjoangan Bogor tĕh.
Dumasar kana catetan anu aya, MPB diadegkeun dina bulan juli 1879, wangunan ieu bogana Wilhem Gustaf Wissler, urang Walanda tur harita mah dijadikeun gudang panyimpenan barang. Teuing geus sabaraha kali ganti nu bogana, nu jelas di hareupeun gedong ieu baheulana aya kuburan Walanda, anu ayeuna paenteung eunteung jeung Merdĕka Mall. Dina awal Juni 1938, gedong ieu kungsi dijadikeun kantor Persaudaraan Parindra Cabang Bogor, anu mangrupa kantor bank simpen pinjem jeung kagiatan lianna. Samangsa Jepang ngawasaan nagara urang, tegesna dina tanggal 9 Maret 1942, gedong ieu dijadikeun gudang ku tentara Dai Nippon.
Tah ti saprak 1945, gedong ieu digunakeun pikeun kagiatan-kagiatan kantor Komite Nasional, BP 3 sarta markas perjuangan Kota jeung Kabupatĕn Bogor ogĕ Kantor Perjuangan Karĕsidĕnan Bogor, sarta laskar rahayat Bambu Runcing ku para pemuda. Kulantaran pihak Walanda jeung Inggris terus-terusan ngadesek perjuangan bangsa urang, dina tanggal 13 Februari 1946, gedong ieu kapaksa ditinggalkeun ku para perintis perjuangan. sarata antara 1948 nepi ka taun 1949 digunakeun pikeun kagiatan gabungan Serikat Seluruh Indonĕsia, anu dipingpin ku Priyatna. Saentas perang campuh antara Tentara Nasional Indonĕsia ngalawan Walanda dibĕwarakeun, gedong ieu ditetepkeun jadi kantor Pamarĕntahan Darurat Kabupatĕn Bogor jeung KMDJ lilana kurang leuwih 3 taun. Dina taun 1950-an, kalayan saran ti Mayor Usman Abdullah kungsi dijadikeun sakola rahayat nomer 34, nyaĕta sakola husus pikeun anak-anak tentara, satuluyna dibuka pikeun umum. Dina tanggal 16 Dĕsĕmber 1953, gedong anu dipibanda ku Umar bin Albahawab ieu, dihibahkeun ka Yayasan Museum Perjoangan Bogor.
Satuluyna, para pamingpin Perjuangan Kamĕrdĕkaan 17 agustus 1945 di Karĕsidĕnan Bogor, kempel di bumina Bupati Bogor mangsa harita, R.E. Abdullah di Jalan Panaragan No. 31 pikeun nyawalakeun tur hasilna tĕh netepkeun gedong di Jalan Cikeumeuh nomer 28, jadi Gedong Monumĕn Nasional, nyaĕta Museum Perjoangan Bogor, ogĕ mangrupa museum perjoangan pangheulana sa-Nusantara. MPB ieu dibuka ku ibu Kartina Muslihat, garwana almarhum Kaptĕn Tubagus Muslihat, tabuh 8 enjing, ping 10 November 1958, diprakrasaan ku Mayor Ishak Djuarsa, sarta diresmikeun ku Kolonĕl R.A. Kosasih harita nyangking kalungguhan Panglima Teritoritorial III Siliwangi. Saentas maca sababaraha dokumĕn anu aya, Komandan Korĕm 061 Surya Kancana, Mayor Oyik Suroto, dina Surat Parĕntahana nomer 663/VIII/1981/ngeunaan pembentukan pengurus Yayasan Museum Perjoangan Bogor. Di MPB ieu disimpen rupa-rupa barang-barang perjoangan, ti sababaraha para pejoang anu geus ngorbankeun harta banda jeung ragana pikeun ngamĕrdĕkakeun bangsa Indonĕsia, diantarana raksukan Kaptĕn Muslihat, raksukan sababaraha pejoang sĕjĕnna, korsi paragi ngahukuman bangsa urang, jeung rĕa-rĕa deui.
Musem Perjoangan Bogor yang letaknya di Jalan Merdeka nomer 58

Senin, 20 Juni 2011
Wawar
Kabiasaan publikasi wawar ngagunakeun mobil, make pangeras sora kabehdieunakeun geus tara digunakeun, sabab geus dianggap katinggaleun jaman. Padahal teu kitu ieuh, ceuk pamikiran teu sakabeh masarakat maca koran atawa nongton telepisi, kitu deui acara anu sifatna lokal pisan mah tara ieuh asup kana tipi. Tah dina raraga ngabejaan ka balarea tea, PEPADI Kota Bogor, ngalumangasungkeun wawar ka sababaraha tempat dina raraga ngabejaan yen bakal aya pagelaran wayang golek. Pikeun narik anu narempo, ngahaja aya anu didangdanan jiga Ki Semar jeung Anoman. Nu jadi semarna, ki Jinun, pagawe RSPD Sipatahunan Kota Bogor, sedeng anu jadi Anoman, Irawansyah, urang Kebon Pedes Kota Bogor, anu asup jadi anggota Paguyuban Pecinta Radio Sipatahunan (P2RS). Lumayan karasa panasna, mangsa keur ngaliwat jalan-jalan anu taya tatangkalan, matak nyureng. Hatur nuhun ka Polmas Bogor Raya, anggota P2RS, anu parantos ngaping nepi ka sisi lembur. Mugia we sagala kasaean di bales manglipet-lipet ku Gusti Allah. Alhamdulillah, peutingna nu lalajo teh mani pinuh, boh anu di Kalurahan Balumbang Jaya, anu dalangna Ki Ceceng Arifin, boh anu di Kedung Jaya, dalang Anta Wijaya, atawa nu di pakaranagan Dines Pendidikan Kota Bogor, Ki Ujang Jaya Praja. Prung ah (dadang hp)
Tah geuning kabisaan baheula
Senin, 06 Juni 2011
Sabtu, 28 Mei 2011
Pagelaran Wayang Golek

Dina raraga ngawanohkeun jeung ngahangkeutkeun kacintaan barudak sakola kana seni tradisi karuhunna, hususna wayang golek, PEPADI Kota Bogor kalayan dirojong ku Pemkot Bogor ngayakeun kagiatan Pagelaran Rampak 5 Dalang. Dalangna nyaeta, Ade Suarsa, Jajat E. Saputra, Anta Wijaya, Ceceng Arifin jeung Ujang Jaya. Kagiatan ieu resmi dibuka ku Assisten Tata Praja, Drs. H. Ade Syarief Hidayat anu oge pupuhu panitia mieling milangkala Bogor anu ka 529.
Lalakon anu dipedar nyaéta Jabang Tutuka anu nyaritakeun lahirna Gatot Kaca. Sakurangna aya 800 barudak sakola anu narongton. Tah geuning ari dimimitian mah barudak sakola teh raresepeun. Numutkeun Pa Nana salah saurang guru kasenian ti SMPN 19 Bogor, salian ti sina nongton barudakn ditugaskeun pikeu nitenan, diantarana saha dalangna jeung naon lalakon anu dipedarna.
"Ku cara ieu mugia we barudak teh lain ngan saukur wanoheun tapi nyaaheun kana wayang golek," saurna.
Minggu, 01 Mei 2011
Langganan:
Komentar (Atom)