Sabtu, 28 Mei 2011

Pagelaran Wayang Golek




Dina raraga ngawanohkeun jeung ngahangkeutkeun kacintaan barudak sakola kana seni tradisi karuhunna, hususna wayang golek, PEPADI Kota Bogor kalayan dirojong ku Pemkot Bogor ngayakeun kagiatan Pagelaran Rampak 5 Dalang. Dalangna nyaeta, Ade Suarsa, Jajat E. Saputra, Anta Wijaya, Ceceng Arifin jeung Ujang Jaya. Kagiatan ieu resmi dibuka ku Assisten Tata Praja, Drs. H. Ade Syarief Hidayat anu oge pupuhu panitia mieling milangkala Bogor anu ka 529.
Lalakon anu dipedar nyaéta Jabang Tutuka anu nyaritakeun lahirna Gatot Kaca. Sakurangna aya 800 barudak sakola anu narongton. Tah geuning ari dimimitian mah barudak sakola teh raresepeun. Numutkeun Pa Nana salah saurang guru kasenian ti SMPN 19 Bogor, salian ti sina nongton barudakn ditugaskeun pikeu nitenan, diantarana saha dalangna jeung naon lalakon anu dipedarna.
"Ku cara ieu mugia we barudak teh lain ngan saukur wanoheun tapi nyaaheun kana wayang golek," saurna.

Minggu, 01 Mei 2011

Nyieun Sajarah


Ayeuna mah ngan saukur jadi carita wungkul, sapuluh taun kahareup bakal jadi catetan sajarah Jang.

Minggu, 06 Februari 2011

Renghap Harepan


Baeu kadieu hidep
Geura mulih ka jati diri
nyusup bumi purwadaksi
mulang ka pawitan
asmana Sunda Wiwitan
singlarkeun rasa curiga
sieuhkeun duruweksa
urang kemitan ku kaheman
simbeuhan ku kanyaah
ancikkeun rasa asih
ogo ku kasono nyoso
pogot ngaheroan Nu Maha Agung
Legot Ngalendot ka Hyang Widi
bari diamparan ku kaihlasan
Laku lampah rido Gusti

sintung karuhun nu ngagantung
urang rojok babarengan
buahna salaksa siloka,
urang guar keur pibekeleun kahirupan
Nete taraje kamulyaan
bul kukus, sukma ngajaul
Dua makbul, enggal dikabul
supata ka sagala wangsa
Diganti ku silib walagri
Ditataan ku deudeuh geugeut
Dipatri tigin jangji silih asih,
Dipulasan silih asah
Dibayuan ku siliih asuh
Amparan nyaah, ngarungkup legedu nafsu
Tampian kaheman, cur-cor ngeueuman sagara kahayang
Waruga minding wanci, raga mibapa jaman
sukma satia ka tali paranti
Ruhani nyunyuhun warisan karuhun
Nguniang hurung mancur
leubeut ku panghampura
Rancutcut ku rasa nyaah
Nyambuang seungit kaheman
Kaaasih ti Siliwangi
Kaimanan bujangga manik
Anggeuhan Wastu Kancana
Kawani Linggabuana
Sumpah satia Diah Pitaloka

Prung mangprung,
Ngabelesat ka Jomantara,
leupas ti gondewa
Pajajaran Anyar ngadeg
Bumi ngarieg, tuluy simpe
Srangenge imut ngagelenyu
Mapagkeun Siliwangi Jati Sampurna Jagat
Mentangkeun Cakraningrat
Pusaka Buana gaganti kujang
Siliwangi malih warni, mindah rupa
Muka kawenangan Pajajaran
Lain nu baheula…..
Nu sapagodos jeung alam
Nu ngawasaan obahna jaman

pet,raga leupas
bret,urat pegat
rep sirep, dunya cicing
Cisadane ambek gede
Haliwung Pundung ngaberung
bray……dunya caang
udar wangsa ngorejat hudang
watugilang mulang ka taneuh Pajajaran
Siliwangi Jati Sampurna Jagat
Ngajagega di pawenangan.
Nangtung di tengahing buana

Ahung….ahung !

Nitip Asih ka Rumuhun


Hung Ahung…….
Peuting ieu kula seja murwa ku carita
mepeskeun hate ku ketak rancage
Neda ampun ka Nu Maha Agung
Nyimbeuh du’a ka Ratu Galuh Raja Sunda
Nyekar sukma rasa ka para Guriang
Nalikeun pikir ka para dangiang
Seja babakti ka rumuhun
Nepikeun rasa ka karuhun
Nu linggih di Pancaniti Buana Rasa
Nu Ngageugeuh di Buana Panca Tengah
Rumasa waruga lagedu nafsu
Raga jadi amparan amarah
lali tari paranti, tebih ka purwadaksi
Hirup nurugtug ngarurud tunggul
Lalana ngarumpak catang
apruk-aprukan hapa du’a
ngudag bagya neang cilaka
sulaya nu jadi marga

Hirup hurip gaduh Anjeun
bagya cilaka ngan ti Anjeun
lara pati, usik malik milik Anjeun
renghap nafas, rumasa teu miboga
teu wasa kami ucap,
neda widi, muga laksana
dina simpe nu minuhan dunya
seja mulangkeun patekadan
mulih walagri kana uga
nyangcang sukma ku hapa angkara
pasrah, namprak, sumamprak
mulih ka leuwi sajati
mulang ka muara kamulyaan
ngojay dina jatandra kaihlasan
rep sirep…….
sukma neang wiwitan
napak sancang ka alam asal
mulih ka jirim suci

Sieuhkeun karempan
jauhkeun kamelang
singlarkeun lara wirang
Ki Sunda rek makalangan
nyukcruk galur para karuhun
napak lacak para guriang
nyimpaykeun kaluhungan
ajen inajen Sunda wiwitan
nu ngancik di batin diri
ti bihari, kamari, jeung kiwari
bekel jaga nu bakal datang

Sunda nanjeur, maku bumi maneuh jagat
Sunda ngadeg, ajeg di buana panca handap
hurung mancur ka buana panca tengah
rep sirep……
bur mancur……
Sunda, jeung Ki Sunda
kacapangan sagala wangsa…
nyaangan saeusi dunya
jaya di buana
pageuh di tali paranti…
di payungan linduhna para rumuhun
reketek nali pageuh…
disimbeuhan kageugeut para dangiang..
Diguyuran asih Siliwangi….
anceg na tapak karuhun

Di amparan Rido Nu Maha Agung
Lumampah na pertentang….

Hampura…. bisi aya nu teu kasebut
bisi tuluy narustus
Hung…Ahung
Neda widi na Hyang Agung
Mugia kabadanan

Minggu, 30 Januari 2011

Hiji-Hiji Dilakonan




Januari ieu, sakurangna aya tilu pagawean anu dilakonan ku rengrengan Pangurus PEPADI Kota Bogor, nyaeta ngawanohkeun wayang awi di SDN Curug 03, wayang golek SDN Bantarjati 09, jeung SMK Wikrama Kota Bogor. Padahal nepi ka kiwari PEPADI Kota Bogor teu bogaeun anggaran pikeun ngongkosan dalang samangsa minton di sakola.
"Alhamdulillah, sanajan taya waragad oge, program mah tetep jalan. Kukituna sim kuring atas nami pangurus ngahaturkeun nuhun ka para dalang anu tos nedunan pamenta sakola pikeun mintonkeun wayang awi jeung wayang golek. Oge ka para kapala sakola anu parantos masihan kasempetan ka PEPADI Kota Bogor," saur pupuhu PEPADI Kota Bogor, H. Shahlan Rasyidi, SE.MM.
Sok atuh kang...teruskeun mugia we hasilna sing mucekil nya
(Dadang HP)

Jumat, 28 Januari 2011

tetep jalan


( Wayabg Awi di SDN Curug 3)
Anggaran perlu, tapi lamun ngan saukur ngandelkeun anggaran iraha rek majuna nya.

Minggu, 16 Januari 2011

Panyakit Hatè

Tas ngalongok babaturanana dirawat di rumah sakit, Ki Madi teu buru-buru balik ieuh, hayoh kalahka terus ka Gunung Batu, maksudna rèk terus sarapan bubur hayam kebeukina. Di tempat anu dijugjug kasampak dulurna, Ki Tatang, keur nyanghareupan bubur hayam.
“Aèh mulih ti mana kang?”Ki Tatang nanya ka kapilanceukna.
“Puguh tas ti rumah sakit, ngalongok anu keur dirawat,”tèmbal Ki Madi bari gèk diuk hareupeun kapiadina.
“Na teu damang naon kitu?”
“Panyakit hatè,”jawabna.
“Kutan, na tiasa kitu anu keuna panyakit hatè diubaran di rumah sakit, anu kitu mah sanès ku para Kiai, Ulama atawa nyeueurkeun ngaos di majlis kang,”Ki Tatang bangun nu bingung.
“Enya puguh ogè, meureun di urang mah nu kitu tèh liver tèa atawa hepatitis meuerun sabab mun teu salah mimitina tèh awakna panas pisan, mèncrèt atawa diare kapapanjangan, tulang jeung sandi-sandi nyareri, sumanget jeung beurat awak cepet pisan nyirorot, geus kitu sok ngaco lamun keur katarajang ,” saur Ki Madi.
“Oh, mun teu lepat mah aya tilu golongan kang Hepatitis tèh, A, B jeung C, saurna tèh, leres kitu?”
“Enya, anu A mah kawilang hampang, anuj rada beurat mah B jeung C, sabab sumebarna tèh bisa ngaliwatan getih, cimani, boh nu lalaki atawa awèwè, cipanon jeung cikiih, malah lain èta wungkul. Transfusi getih anu gus kaeunaan virus hepatitis, ngagunakeun jarum suntik narkoba babarengan, migawè seks anu kurang sèhat, indung anu geus keuna ku virus Hepatitis B ogè bisa nepa ka orok anu keur dikandungna,” saur Ki Madi bari reg eureun, obrolanana kapegat ku tukang bubur anuj ngasongkeun pesenana. Ari panyakit hatè anu dimaksudkeun ku manèh mah tadi, meureun riya, sombong, sirik , dengki, fitnah, hasud, sangkaan gorèng jeung hianat. Panyakit riya ieu anu ngaruksak pisan ibadah nyaèta nyieun kahadèan atawa ibadah anu maksudna mah pamèr ka manusa sangkan disangka rajin jeung pupujieun ambèh disebut ahli ibadah kawas shalat, puasa, sidèkah jsbna. Ciri-cirina aya tilu nyaèta lamun dihareupeun nu sèjèn rajin pisan, lamun sorangan mah kedul, hayang meunang pujian dina sagala urusan. Anu kadua sombong, agul, asa aing pang akangna atawa pangbisana, nganggap dirina panghèbatna sarta nu sèjèn mah taya nanaonan. Padahal jelas pisan Allah ngahulag manusa sangkan ulah sombong, tur ceuceub ka mahlukna boga sikep kitu. Sakumaha dawuhan Allah SWT dina surah Al Israa 37, “ Jeung maranèh entong leuleumpangan di luhureun bumi ieu bari jeung sombong, sabab saenya-enyana maranèh sakumaha ogè moal bisa nyusup taneuh (bumi) sarta maranèh moal nepi saluhur gunung. Kitu ogè sirik pidik jail kaniaya, nempo batur bagya urang kalahka susah, batur sangsara urang surak. ”
“Sigana mun diantepkeun, picilakaeun nya, Kang?”
“Bener pisan, aya sababaraha cara ngubaran panyakit hatè anu ieu mah diantarana, tong loba ngomong sabab lamun loba teuing ngomong hatè jadi teuas, saperluna we, komo deui nepi ka ngawadul, ngomongkeun batur mah. Kadua kudu bisa nahan ambek jeung ngajaga hawa nafsu. Ambek-ambekan hatè jadi marojèngja. Ngajaga hawa nafsu tèh diantarana kana harta banda, dahar, seks, jabatan jrrd. Tah hawa nafsu tèh èlèhna ku loba ngosongkeun beuteung, ngalakonan puasa wajib jeung sunnah kayaning Sènèn-Kemis, atawa puasa kawas Nabi Daud, jeung puasa sèjènna. Katiluna salilana ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, saperti migawè shalat wajib, lima waktu, ngalobakeun maca Qur’an, remen ngahadiran pangajian. Kaopatna ngadeukeutan atawa idek liher jeung jalma-jalma solèh. Insya Allah lamun urang remen ngaji, deukeut jeung jalma-jalma sarolèh, hatè bakal leuleus jeung gampang narima kana kabeneran ti Allah. Sabab lamun urang deudeukeutan jeung jalma buraong, anu laku lampahna gorèng dihariwangkeun bakal hatèna bakal katèpaan panyakit hatè,” saur Aki Madi daria.
Dawuhan Kangjeng Rosul dina hadistna nyarioskeun yèn dina awak unggal jalma aya sakeupeul daging , lamun kaayanana alus, bakal alus sakabèh amal-amalanana,lamu ruksak pinasti ruksak sakabèh amal ibadahna. Daging sakeupeul tèh nyaèta hatè.
“Paingan Aa Gym ngokolakeun Manajemen Qolbu nya, jigana tèh pikeun ngajaga hatè nya, sangkan ulah kiruh!”