Minggu, 30 Januari 2011

Hiji-Hiji Dilakonan




Januari ieu, sakurangna aya tilu pagawean anu dilakonan ku rengrengan Pangurus PEPADI Kota Bogor, nyaeta ngawanohkeun wayang awi di SDN Curug 03, wayang golek SDN Bantarjati 09, jeung SMK Wikrama Kota Bogor. Padahal nepi ka kiwari PEPADI Kota Bogor teu bogaeun anggaran pikeun ngongkosan dalang samangsa minton di sakola.
"Alhamdulillah, sanajan taya waragad oge, program mah tetep jalan. Kukituna sim kuring atas nami pangurus ngahaturkeun nuhun ka para dalang anu tos nedunan pamenta sakola pikeun mintonkeun wayang awi jeung wayang golek. Oge ka para kapala sakola anu parantos masihan kasempetan ka PEPADI Kota Bogor," saur pupuhu PEPADI Kota Bogor, H. Shahlan Rasyidi, SE.MM.
Sok atuh kang...teruskeun mugia we hasilna sing mucekil nya
(Dadang HP)

Jumat, 28 Januari 2011

tetep jalan


( Wayabg Awi di SDN Curug 3)
Anggaran perlu, tapi lamun ngan saukur ngandelkeun anggaran iraha rek majuna nya.

Minggu, 16 Januari 2011

Panyakit Hatè

Tas ngalongok babaturanana dirawat di rumah sakit, Ki Madi teu buru-buru balik ieuh, hayoh kalahka terus ka Gunung Batu, maksudna rèk terus sarapan bubur hayam kebeukina. Di tempat anu dijugjug kasampak dulurna, Ki Tatang, keur nyanghareupan bubur hayam.
“Aèh mulih ti mana kang?”Ki Tatang nanya ka kapilanceukna.
“Puguh tas ti rumah sakit, ngalongok anu keur dirawat,”tèmbal Ki Madi bari gèk diuk hareupeun kapiadina.
“Na teu damang naon kitu?”
“Panyakit hatè,”jawabna.
“Kutan, na tiasa kitu anu keuna panyakit hatè diubaran di rumah sakit, anu kitu mah sanès ku para Kiai, Ulama atawa nyeueurkeun ngaos di majlis kang,”Ki Tatang bangun nu bingung.
“Enya puguh ogè, meureun di urang mah nu kitu tèh liver tèa atawa hepatitis meuerun sabab mun teu salah mimitina tèh awakna panas pisan, mèncrèt atawa diare kapapanjangan, tulang jeung sandi-sandi nyareri, sumanget jeung beurat awak cepet pisan nyirorot, geus kitu sok ngaco lamun keur katarajang ,” saur Ki Madi.
“Oh, mun teu lepat mah aya tilu golongan kang Hepatitis tèh, A, B jeung C, saurna tèh, leres kitu?”
“Enya, anu A mah kawilang hampang, anuj rada beurat mah B jeung C, sabab sumebarna tèh bisa ngaliwatan getih, cimani, boh nu lalaki atawa awèwè, cipanon jeung cikiih, malah lain èta wungkul. Transfusi getih anu gus kaeunaan virus hepatitis, ngagunakeun jarum suntik narkoba babarengan, migawè seks anu kurang sèhat, indung anu geus keuna ku virus Hepatitis B ogè bisa nepa ka orok anu keur dikandungna,” saur Ki Madi bari reg eureun, obrolanana kapegat ku tukang bubur anuj ngasongkeun pesenana. Ari panyakit hatè anu dimaksudkeun ku manèh mah tadi, meureun riya, sombong, sirik , dengki, fitnah, hasud, sangkaan gorèng jeung hianat. Panyakit riya ieu anu ngaruksak pisan ibadah nyaèta nyieun kahadèan atawa ibadah anu maksudna mah pamèr ka manusa sangkan disangka rajin jeung pupujieun ambèh disebut ahli ibadah kawas shalat, puasa, sidèkah jsbna. Ciri-cirina aya tilu nyaèta lamun dihareupeun nu sèjèn rajin pisan, lamun sorangan mah kedul, hayang meunang pujian dina sagala urusan. Anu kadua sombong, agul, asa aing pang akangna atawa pangbisana, nganggap dirina panghèbatna sarta nu sèjèn mah taya nanaonan. Padahal jelas pisan Allah ngahulag manusa sangkan ulah sombong, tur ceuceub ka mahlukna boga sikep kitu. Sakumaha dawuhan Allah SWT dina surah Al Israa 37, “ Jeung maranèh entong leuleumpangan di luhureun bumi ieu bari jeung sombong, sabab saenya-enyana maranèh sakumaha ogè moal bisa nyusup taneuh (bumi) sarta maranèh moal nepi saluhur gunung. Kitu ogè sirik pidik jail kaniaya, nempo batur bagya urang kalahka susah, batur sangsara urang surak. ”
“Sigana mun diantepkeun, picilakaeun nya, Kang?”
“Bener pisan, aya sababaraha cara ngubaran panyakit hatè anu ieu mah diantarana, tong loba ngomong sabab lamun loba teuing ngomong hatè jadi teuas, saperluna we, komo deui nepi ka ngawadul, ngomongkeun batur mah. Kadua kudu bisa nahan ambek jeung ngajaga hawa nafsu. Ambek-ambekan hatè jadi marojèngja. Ngajaga hawa nafsu tèh diantarana kana harta banda, dahar, seks, jabatan jrrd. Tah hawa nafsu tèh èlèhna ku loba ngosongkeun beuteung, ngalakonan puasa wajib jeung sunnah kayaning Sènèn-Kemis, atawa puasa kawas Nabi Daud, jeung puasa sèjènna. Katiluna salilana ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, saperti migawè shalat wajib, lima waktu, ngalobakeun maca Qur’an, remen ngahadiran pangajian. Kaopatna ngadeukeutan atawa idek liher jeung jalma-jalma solèh. Insya Allah lamun urang remen ngaji, deukeut jeung jalma-jalma sarolèh, hatè bakal leuleus jeung gampang narima kana kabeneran ti Allah. Sabab lamun urang deudeukeutan jeung jalma buraong, anu laku lampahna gorèng dihariwangkeun bakal hatèna bakal katèpaan panyakit hatè,” saur Aki Madi daria.
Dawuhan Kangjeng Rosul dina hadistna nyarioskeun yèn dina awak unggal jalma aya sakeupeul daging , lamun kaayanana alus, bakal alus sakabèh amal-amalanana,lamu ruksak pinasti ruksak sakabèh amal ibadahna. Daging sakeupeul tèh nyaèta hatè.
“Paingan Aa Gym ngokolakeun Manajemen Qolbu nya, jigana tèh pikeun ngajaga hatè nya, sangkan ulah kiruh!”

Jumat, 14 Januari 2011

Nginget-nginget Dosa ka Sasama


Di tepas hareup, Kang Tarmin keur ngabaheuhay dina korsi males, bangun nu lungsè pisan, padahal ti isuk teu kamamana ieuh, ku sabab perè, jam sapuluh kakara hudang. Bèrès lalajo anu upacara mièling poè kamerdèkaan dina telepisi tèh teu buru-buru ka cai ieuh sanajan jarum jam anu ngagaplok dina tèmbok geus pas kana angka dua welas, boh nu pondok atawa nu panjangna, manèhna kalah peureum hayam.
Geuning kitu hawa puasa mah, lamun dibawa kana pamalesan, kayaning gular-golèr, sarè (sanajan sarèna anu puasa tèh kaasup ibadah), awak karasa leuleus. Geus kitu anu kaimplengna tèh kana dahareun wungkul, ti mimiti mie golosor (sorodot) anu lamokot ku sambel kacang bari di luhurna dipapaès ku kurupuk asoy atawa kurupuk mie anu konèng badag, nepi kolek cau oli ditambahan caruluk nepi ka ès buah seger. Bari jeung “ngajèngjèhè” tèh katempo tikorona naèk turun bari jeung remen neureuy ciduh.
“Bener euy, puasa mah mending gawè, cicing di imah waè mah kaluman, malah karasana tèh beuki lapar tibiasana,” ceuk gerentes hatèna.
Sabot keur ngimplengan kadaharan anu bakal dihanca mangsa keur buka, jol Agus Uli batur ulinna, mangsa keur cicing dikampung Sindangbarang kènèh. Duanana tuluy uplek ngobrolkeun kalakuanana keur ngora.
“Enya nya, lamun inget kana kalakuan urang keur ngora jadi èra parade. Komo mangsa keur usum tarawèhan mah, dosa tèh mani asa gedè kacida. Malah mun aya umur mah èngkè dina lebaran rèk dipapay, rèk mènta dihampura euy,” ceuk Agus Uli. Ngaran sabenerna mah Agus Suhèrman, ngan kulantaran resep pisan dahar uli jeung peuyeum ketan hideung, jadi nelah Agus Uli.
“Ari kitu kumaha?” ceuk Kang Tarmin, bari tuluy cengkat. Barabat wè manèhna nyaritakeun kalakuanana mangsa keur ngora. Tilupuluh taun katukang, mangsa umurna rumaja kènèh, keur cicing kènèh di Sindangbarang. Harita mah, kayaan kampung tèh teu kawas ayeuna, loba kènèh tatangkalan jeung can pati loba imah. Malah lamun mandi masih kènèh di pancuran cai kulon, anu teu pernah saat sanajan halodo entrag-entragan ogè. Lantaran musholla paragi shalat tèh can dua tingkat kawas ayeuna, lamun keur tarawèh tèh antara jamaah awèwè jeung lalaki tèh cukup diwatesan ku lawon bodas anu dipipindingkeun.
Diantara jamaah bapa-bapa, sakurangna aya tilu urang anu sok “bubuka” heula samèmèh shalat nyaèta Mang Udin, Mang Oman jeung Mang Kardi. Disebut bubuka tèh samèmèh sholat sok bubulucun. Maksudna mah meureun ngajaga bisi kolorna kakècrètan cikiih mangsa keur kahampangan, tarapti ti dituna mah, bisi shalatna “mamawa” najis. Ngan èta palebah nyangsangkeunana mani sambarangan pisan, cukup dikaitkeun kanu paku anu aya dina jandèla.
“Tah keur tarawèh tèh kolor anu tiluan tèh ku kuring dialungkeun ka jamaah ibu-ibu, atuh mani tinggaroak meureun kagèt, keur husu shalat aya kolor nyangsang kana beungeutna,” ceuk Agus.
“Terus kumaha tah?”
“Nya jadi ramè, tinggerendeng, sakali mah èta kolor tèh ukur dialungkeun ka handapeun layar. Ngan geus katilu kali dikitukeun jigana mah ibu-ibu tèh ambekeun, lung wè kolor tèh dialungkeun ka hareup satarikna. Untung henteu ninggang imam, ukur nepi ka jajaran panghareupna. Ngan orokaya nu bogana, ambek-ambekan. Hayang seuri ongkoh, èra ongkoh. Mangka kolorna tèh geus teu bodas deui, geus jiga pangupahan lalay,” pokna daria.
“Bener euy, lamun diinget-inget, dosa tèh manu geus salaput hulu, boa leuwih euy. Enya aya alusna lamun urang bisa ngariksa kawas kieu tèh nya. Sakurangna, urang bisa ngingetan kalakuan urang di jaman baheula,”ceuk Kang Tarmin.
“Salian ti èta pentingna jiarah kubur tèh kawas kitu, sakurangna urang diingetan yèn urang tèh bakal maot. Samèmèh maot tèh meureun urang bèbèrès heula, salah sahijina ngingetan dosa-dosa urang jeung sasama. Dosa ka Allah mah bisa ditobatan, dosa ka sasama mah pan leyurna tèh kudu mènta dihampura heula. Kadituna aya silih hampura”
“Aèh, enya-enya. Sapuk lamun kitumah.”

Senin, 10 Januari 2011

Wayang Awi


wayang tina awi anu dijieun ku urang Bogor pituin Adi Drajat, anu pernahna di Kampung Cijahe kalurahan Curug Mekar Kacamatan Bogor Barat, sigana teh perlu buru-buru dipatenkeun samemeh aya "tatangga" anu ngaku-ngaku.Ceuk ki Drajat, wayang awi anu ngan hiji-hijina di dunya ieu, kiwari geus dipaenkeun kawas wayang golek.
Tah pikeun anu panasaram tiasa sumping ka Kampung Cijahe RT 06 RW 01 No. 71 Kalurahan Curug Mekar, kacamatan Bogor Barat

Minggu, 09 Januari 2011

Pinuh ku Jujuluk


Nyaritakeun Karajaan Pakuan Pajajaran anu kungsi dicangking ku Sri Baduga Maharaja Ratu (H)Aji Pakuan Pajajaran atawa ku masarakat Tatar Pasundan mah leuwih dipikawanoh ku Prabu Siliwangi tèa, karasana teu bosen-bosen. Sigana tèh aya “sima” atawa daya tarik anu teu pegat-pegat, aya kapanasaran anu teu pernah kacumponan, jiga anu keur hanaang dibèrè ès dawegan kalapa ngora, batan leungit kalahka nambahan. Kitu saur Kang Dadan, anu ayeuna nyangking kalungguhan di salah sahiji pausahaan BUMN anu kantorna di wewengkon Parung.
Sugan pangna kitu tèh aya kènèh “tali paranti” anu nganteng di jaman baheula tug nepi ka ayeuna, atawa mèmang aya kasono anu nyoso, kana kapamingpinan samodèl anu dijalankeun ku Prabu Siliwangi anu cenah wijaksana, nyaah ka nu susah, asih ka nu laleutik, teu cueut ka nu beureum pontèng ka nu konèng. Salah sahijina dina widang hukum, paripolah anu ditumibakeun ka sakitan dina urusan vonis, atawa samangsa maranèhanana ngajalankeun hukuman di jero bui. Katohyaanana Artalita, ku Satgas Mafia Hukum, anu nyulap rohanganana, nepi ka loba pakakas hiburan, tur bisa kaluarna, Gayus jalan-jalan ka Bali, jeung sakitan sèjènna anu dianggap boga duit, kacida nyolok mata buncelikna pikeun narapidana sèjèn, anu ngan ngandelkeun awakna wungkul salila di jero bui. Malah, anu matak “muringkak bulu punduk” tèh, ayana sababaraha oknum panegak hukum anu ngamaènkeun hukum pikeun kapentingan anu ngarumpakna . Padahal pan ayeuna mah sagalana tèh mani caang narawangan, jiga lauk disimpen dina akuarium. Telepisi, Koran jeung media massa sèjènna, bisa nyiarkeun kalayan langsung lumangsungna nyidang sarta disaksian ku jutaan panongton. Geus kitu aya kawijakan katerbukaan publik deuih.
Kayaan jero panjara, ceuk sabagèan sakitan, utamana mah ti golongan anu sapopoèna gulang-guling jeung kamèwahan dianggap kurang(henteu) manusiawi dijadikeun alesan ku maranèhanana, pikeun nyulap jero panjara sangkan pikabetaheun. Padahal lamun dipikiran gunana pangbèrokan tèh, sangkan maranèhanana kapok tur teu migawè atawa ngalakonan anu garorèng deui. Tapi kanyataanana, sakapeung mah sabalikna, rèa diantarana anu kaluar ti pangbuian tèh jadi leuwih pinter, sabab maranèhana loba diajar ngeunaan kajahatan ti para”seniorna” tèa. Tapi sanajan geus narawangan, angger wè pajuriwet, lir benang kusut.
Tah ngeunaan Prabu Siliwangi tèa, numutkeun salah saurang “budayawan” Bogor sakumaha anu kungsi dipedarkeun dina majalah wedalan Bogor, mibanda ratusan jujuluk ti rahayatna anu saluyu jeung paripolahna, diantarana Prabu Guru Dèwata Prana, Prabu Haris Maung, Prabu Tanduran Gagang, Prabu Kuncung Putih, jrrd.
Prabu Dèwata Prana tèh nyaèta ngaguruan lain ku carita tapi ku paripolah, lain ngan saukur ku kaèlmuan tapi ku rèngkak, lain ku carèk tapi ku talajak anu nyaah, ngusapan ku kawelas. Prana tèh hartina makna, energi atawa kakuatan deudeuh nu weuteuh nyambungkeun rasa ka Puseur Maha Cinta. Ayana upacara Guru Bumi, dimaksudkeun pikeun nyaimbangkeun jalma reujeung alam, dumeuheus ka Hyang Murbawisèsa nyuhunkeun sangkan jalma salaras tur sapihanèan jeung alam. Lian ti èta acara ieu ngajak rahayat sangkan “nganuhunkeun” ka bumi, anu geus masihan mangpaat ka umat manusa. Salian ti èta para rahayat ogè diajarkeun mkanyaah pepelakan ku jalan mager leuweung larangan. Konsèp Leuweung larangan satemenna mangrupa hiji cara pikeun, ngaraksa alam. Prabu Siliwangi nerapkeun hukuman beurat kacida pikeun saha-saha anu ngarumpak aturan ieu, ku hukuman tunggel jangga, nyaèta diteukteuk beuheungna. Hukuman ieu dilarapkeun kalayan adil, heunteu pilih kasih, lamun ceuk basa kiwari mah anu disebut tebang pilih tèa. sigana mah. Sedeng jujuluk Prabu Haris Maung ngagambarkeun sifat anu pikasieuneun, ngarajaan leuweung tapi nyaah ka anak. Paribasana mah sagalak-galakna maung moal ngahakan anakna, Kitu ogè maung boga sifat satia jeung bèlapati ka sasama jinisna. Sumanget jeung simana, dijadikeun filsafat hirup anu gagah rongkah dipikasieun, dipikaèra ogè dipikanyaah ku sasamana. Haris sorangan hartina katenangan atawa sabar darana. Sabab kawibawaan jeung kawani tèh kudu diwengku ku katenangan, lungguh, rengkuh, ngahormat ka nu langkung sepuh, ngahargaan sagala anu bèda jeung kayakinan sorangan.
“Sikep kieu moal ngajirim lamun teu diamparan ku samak pasrah jeung sabar,” saurna.
(Tina jurnal Bogor)

Jumat, 07 Januari 2011

gerentes hate



Tas nyaksian Binojakrama di Pangandaran, ngahaja nyimpang heula ka Cagar Budaya Ciung Wanara di Kampung Karang Kamulyaan, Kacamatan Cijeungjing Kabupaten Ciamis. Sanajan enya eta teh bali geusan ngajadi, tapi keukeuh we teu asa di lembur sorangan. Ma'lum kituna tea mah, sabab mangpuluh-puluh taun teu nganjang ka lembur sorangan. Padahal keur sakola keneh di SMP Negeri Cisaga anu harita Kapala Sakolana, Bapa Ihin Solihin, leuweung Ciung Wanara teh tempat pangulinan jeung tempat ngarorotek, mangsa nini beakeun suluh. Sakapeung mah sok dibaturan ku Mang Kasir, santri urang Brebes anu keur masantren di Pasantren Baiturahman, gaduhna pun aki. Malah, mun keur pere mah, sok diajakan tawur ku babaturan salembur. Tawur teh menta duit ka nu daratang atawa jiarah ka dinya. Kaayaan di jero oge ayeuna mah geus robah, lamun baheula pangcalikan teh disaungan, ayeuna mah geuning aya narawangan. Maksudna mah, sugan ulah nepi ka aya jalma anu menta-menta ka tempat eta, saba bisa jadi pamusryikan. Mapay-mapay jalan anu ditiungan ku awi anu ngarondoy, bari disaksian ku monyet-monyet anu gugulantungan.


Pangheulana anu dijugjug teh nyaeta batu panyandaan, anu ceuk juru piarana teh tempat nyanda sawaktu Dewi Naganingrum ngababarkeun Ciung Wanara. Terus ka Sang Hyang Bedil, Adipati Panaekan, dituluykeun ka Cikahuripan. Hanjakal mangsa rek ka tempat pangaduan hayam, tempatna pinuh ku cai nepi ka bitis. Kulantaran waktuna samporet pisan, nya teu bisa kaanjangan kabeh, sanajan hate mah kumejot hayang ka Patimuan, nyaeta papanggihna Cimuntur jeung Citanduy. Loba katineung anu teu bisa kakedalkeun mangsa sakola di SMP Negeri Cisaga teh, jigana teh ukur catetan dina jero hate. Tetela hirup teh geuning lir nu keur ngumbara, pun nini anu kapungkur ngarorok tos taya dikieuna. Harianeun Aki mah, da mangsa keur orok keneh oge tos ngantunkeun. Di sapanjang jalan mulang ka Bogor teh, dina hate ngagerentes pileuleuyan bali geusan ngajadi, mugia isuk jaganing geto kuring bisa nganjang deui.

Kamis, 06 Januari 2011

Rek Saha Deui?


Kuring ngahuleng di sisi Cisadanè,bari mikiran sagala anu geus karandapan ku diri, salila kumelendang di alam dunya. Enya kolot urang baheula tèh geus nyiptakeun rinèka seni jeung budaya, anu diantarana heuyeub ku ajaran anu luhung pikehn dilarapkeun dina kagirupan sapopoè. Hanjakalna, bangsa urang tèh geuining leuwih resepeun ngagunakeun adat jeung kabudayaan bangsa deungeun anu can tangtu cocok tur saluyu jeung kahirupanana. Naha kajadian-kajadian anu tumiba ka nagara urang tèh panyababna tèh sabenerna manusa sorangan anu leuwih ngalarapkeu budaya deungeun kayaning seks bèbas, papakèan lir ngahaja ngumbar aurad, hormat ka kolot sorangan jeung ka guru geus teu dipalirè, poho kana purwadaksina, embung mulasara budaya karuhun anu jelas-jelas saluyu jeung urang Sunda sorangan. Dina kadaharan waè, bangsa urang leuwih resep kadaharan anu sarwa luar nagri, anu padahal dumasar kana panalungtikan mah, loba ngabahyakeun diri. Urang Sunda geus biasa dahar lalaban anu tètèla ngandung serat tur kacida alusna kana usus jeung pencernaan urang. Dina urusan budaya jeung kasenian waè, urang Sunda leuwih resepeun kanu brang-breng brong tibatan kana wayang golèk atawa gamelan degung, atawa kacapi suling jeung Cianjuranana.
Lamun kitu mah saha deui atuh anu ngaraksa, mulasara, ngamumulè budaya sorangan.
Ieu mah ngan saukur kahariwang sim kuring, diaos mangga, teu dipalirè ogè teu sawios-wios.
Ka anak, anu ngan hiji-hijina, mugia wè anjeun tèh jadi manusa anu nyaah kana budayana sorangan tibatan ngagugulung budaya deungeun. Poma nya! Cag heula, ah. Rèk niiskeun pikir heula, rieut mikiran hutang anu beuki ngagugunung.

Rabu, 05 Januari 2011

PEPADI KT BOGOR: Wayang Golek di Taun Baru

PEPADI KT BOGOR: Wayang Golek di Taun Baru: "Alhamdulillah, kitu sakurangna ceuk Kang Shahlan Pupuhu PEPADI Kota Bogor, basa ningali wayang golek minton dina acara taun baruan, boh di..."

Wayang Golek di Taun Baru



Alhamdulillah, kitu sakurangna ceuk Kang Shahlan Pupuhu PEPADI Kota Bogor, basa ningali wayang golek minton dina acara taun baruan, boh di Bogor Trade Mall (BTM)atawa di Saung Sukadamai anu pernahna di Jalan Sukadamai Tanah Sareal Kota Bogor. Di BTM, Ki Jajat E. Saputra, sanajan ukur sajam, geus hasil nyima anu narongton. Salian ti wayang golek, anu dipintonkeun di BTM aya rampak gendang budak, jaipongan, jeung tari sejenna ti Sanggar Bagaskara Kota Bogor. Numutkeun salah saurang paniten kabudayaan Enan Dharsita anu harita parengan nongton, ngarasa reueus ku pokal PEPADI Kota Bogor, anu geus hasil mintonkeun wayang golek di mall tur nu naongtonna oge mani pinuh.
"Sim kuring terang ayana golek teh sawaktos nyetel Radio Sipatahunan anu ngabewarakeun yen di BTM aya pintonan wayang golek, numatak gancang we kadieu. Panasaran keur mah ti bubudak resep pisan nongton wayang golek," saurna. Jajat sorangan, ngarasa bungah dumeh geus bisa minton di BTM sarta disaksian ku rebuan jalma.
"Hatur nuhunn ka pangalola BTM, anu tos ngulem sim kuring," saurna diwakilan ku Si Cepot Astrajingga. Di Saung Sukadamai anu dipupuhuna ku Ibu Hj. Fifi Agustini oge, mintonkeun wayang golek motekar, kalayan dalangna Ki Ceceng Arifin, SE, dalang ngora Kota Bogor anu kacida potensialna. Ceceng manggung bareng jeung grup Calung Balebat, sarta rupa-rupa kasenian sejenna, diantarana anu mintonkeun longser anu pamaenna barudak SD tur urang dinya pisan.
Ceuk H. Shahlan lobana pintonan wayang golek teh geus pasti matak ngagumbirakeun, malah dina bulan April atawa Maret anu bakal datang PEPADI Kota Bogor bakal ngalumangsungkeun Pagelaran Rampak Dalang di Gedong Kamuning Gading.
"Insya Allah, sim kuring bakal ngondang barudak sakola sa Kota Bogor sina ngalalajoanan pagelaran eta, jeung bakal disiarkeun di TV Megaswara,"pokna daria. Dina acara anu digawe bareng jeung Yayasan Sangka Buana ieu, katingal Sekcam Tanah Sareal, R. Hilman, Pupuhu yayasan, Kang Cecep, ahli dongeng Mama Arief jeug tamu petingan sejenna. wilujeng ah, kang Sahlan mugia PEPADI Kota Bogor, terus ajeg dina enggoning nanjeurkeun kabudayaan warisan karuhun. (dadang hp)

Minggu, 02 Januari 2011

Sambut Tahun Baru, Si Cepot Masuk Mall



Minggu, 02 Januari 2011
ImageSetelah sukses pagelaran wayang golek di Sekolah-Sekolah, Persatuan Pedalangan Indonesia (Pepadi) Kota Bogor, menggelar wayang golek di Mall. Pagelaran wayang golek dengan durasi satu jam di gelar di Bogor Trade Mall (BTM), menjelang pergantian tahun Jum’at malam lalu.


Pentas wayang golek yang pertama kalinya dalam menyambut tahun baru 2011 ini mendapat sambutan antusias pengunjung Mall. Ribuan pengunjung Mall dibuat terhibur dengan penampilan dalang Jajat yang membawa lakon “ Astrajingga Tandang”. Penampilan dalang anggota Pepadi Kota Bogor berhasil mengocok perut penonton, apalagi ketika dalang Jajat mulai memainkan tokoh wayang si Cepot, dan Gareng.

Si Cepot dengan gayanya yang khas mengaku pendukung berat Timnas Sepak Bola Indonesia, sehingga lagu Garuda Didadaku pun dinyanyikannya. Penampilan si cepot mengundang gelak tawa penonton, “Sangat terhibur, saya baru pertama kalinya menyaksikan wayang golek di Mall, “ujar Herlambang salah satu pengunjung BTM.

Dalang Jajat mengaku bersyukur karena ternyata seni tradisional wayang golek masih diminati oleh masyarakat. “ Walaupun pagelaran cukup singkat saya merasa puas karena bisa menghibur masyarakat Bogor, “ ujar Jajat.

Sementara itu Ketua Pepadi Kota Bogor H.Shahlan Rasyidi yang didampingi Sekretarisnya Dadang HP mengatakan, pagelaran wayang menyambut tahun baru yang digelar di Mall untuk pertama kalinya digelar di Kota Bogor. “ Kami mengucapkan terima kasih kepada pihal BTM yang telah menyediakan waktu dan fasiltas untuk bisa tampil dalam menyambut tahun baru, “ kata Shahlan.

Shahlan mengatakan, pentas wayang golek untuk menyambut tahun baru 2011 ini merupakan upaya Pepadi Kota Bogor mengangkat kembali kesenian tradisional sebagai warisan budaya. “Seni wayang golek jangan sampai punah, makanya Pepadi akan lebih sering lagi melakukan pegelaran bekerjasama dengan berbagai pihak, sekaligus untuk memperkenalkan kepada generasi muda, “ kata Shahlan.

Sejauh ini, kata Shahlan, upaya Pepadi untuk memperkenalkan wayang golek lepada generasi muda dilakukan melalui pementasan di Sekolah-Sekolah yang ada di Kota Bogor. “ Setelah ke Sekolah-Sekolah kedepan kita akan mencoba memperkenalkan wayang golek ke Perguruan Tinggi, “imbuhnya. (yan/lan)www.kotabogor.go.id

Ngawayang di Sakola jeung Mall


Lain ngan saukur di sakola-sakola anu aya di Kota Bogor, wungkul, PEPADI Kota Bogor anu dipupuhuan ku H. Shahlan, tetela geus ngalayab ka Mall. Mangsa mapag taun anyar 2010-2011, di salah sahiji mall, nyaeta Bogor Trade Mall(BTM), organisasi pedalangan anu umurna can sataun ieu, geus minton wayang golek.
"Sanajan lilana ukur sajam, tapu tetela geus bisa narik perhatian nu lalajo. Sim kuring salaku pupuhu PEPADI Kota Bogor, ngahaturkeun mangrewu-rewu nuhun ka pangurus BTM anu geus mere waktu pikeun mintonkeun wayang golek,"pokna daria. Numutkeun Shahlan, salila lima bulan kaliwat, sakurangna aya 30 sakola, ti mimiti SMP, SMA jeung SMk geus didatangan ku dalang-dalang ti PEPADI Kota Bogor. Kagiatan ieu, ceuk Shahlan, moal bisa kalaksanakeun lamun taya rojongan ti Walikota Bogor, Kepala Dines Pendidikan jeung sakumna pangurus Kota Bogor. Anjeunna oge miharep sangkan Kementrain Kabudayaan jeung Pariwisata Indonesia, ngarojong program dalang asup ka sakola, ku jalan nyadiakeun anggaran operasional.
"Karunya ka para dalang jeung nayaga, sabab maranehanan geus ngaluangkeun waktu pikeun kamajuan jeung ngamumule wayang golek,"saurna daria.
Kumaha atuh pa, kudu usul kamana nya? (Dadang HP)